Friday, May 9, 2014

Unak Anik



Lenyepaneun

Saenyana..rek kamana ieu lengkah kuring
Mapay mapay kamalir kahirupan..
Nyungsi tutugan ngambah panasna kahirupan
Sedengkeun raga ngan ukur sifat injeuman

Mungguh hariwang yen upama nyawang nu geus disorang
Loba keneh kalamur ku hideung gening ieu diri...
Padahal...kurung ngan ukur titipan
Titipan..mungguh titipan

Deudeuh...geus amprok deui ieu lengkah
Amprok dina sagara hampura reujeung barokah
Nu can tangtu bisa panggih deui..
Ngan hanjakal..naha ieu kuring memang enya kuring....?

1 comment: