Friday, May 9, 2014

Unak Anik

Tahajud

Tengah peuting keur jemplang-jempling
Awang-awang keur ilang dangiang
Tiis lirih rehe combrek, makhluk nuju menekung
Nyambat-nyambat Ilahi Robbi
Gusti Nu Murbeng Alam
Jisim abdi sumujud tur pinuh karumaosan
Dosa abdi teu wasa ngawincik deui tina ageung-ageungna
Gusti abdi seja tobat.

Mugi kitu maksad abdi Gusti
Anging Gusti sifat Maha Welas
Mugi dihapunten bae sareng abdi piunjuk
Bade tumut pangersa Gusti
Sumembah salamina, siang wengi sujud
Miharep taufik jeung hidayah, 

Diajengkeun ka abdi Gusti nu laip
Miharep husnul hotimah, Gusti ......mugi ngaiijabah.

No comments:

Post a Comment