Kaduhung Tara Tiheula
Geura tamplokeun kanyaah ka indung bapa
Meungpeung masih keneh jisimna di alam dunya
Mun indung geus ditulis di padung
Mun bapa geus taya raga badagna
Kaduhung teu manggih tungtung, cimata teu bisa mayar tunggara
Nyaah ka indung ulah ditunda engke
Mulang asih ka bapa ulah talangke
Taya nu weruh iraha indung dipundut
Moal aya beja iraha bapa rek mulang
Regepkeun sing pageuh hate
Larapkeun sing hade-hade
ok
ReplyDelete